Langsung ke konten utama

Naskah Ceramah Puasa

Hallo.. guys sekarang ane mau ngebagiin naskah ceramah ane ketika Acara Silaturahmi di daerah Tasikmalaya tepatnya di desa Cirilitan. semoga bermanfaat

Assalamualaikum Wr Wb
Bismillah Alhamdulillah shalatuwassalamu ala rasulillah saidina dibni abdillah waala alihi waashabihi wamauwalah
Qalallah hutaala fiqitabihil karim

يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ كُتِبَ عَلَيۡكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبۡلِكُمۡ لَعَلَّكُمۡ تَتَّقُونَ  ١٨٣
Hai orang-orang yang beriman, diwajibkan atas kamu berpuasa sebagaimana diwajibkan atas orang-orang sebelum kamu agar kamu bertakwa,

Teu aya kecap anu langkung  megah, anu pantes di ucapken ku hiji jalmi anu doifah, salian ti manjatken puja sinareng puji ka dzat ilahi rabbi. Puji di dugiken ka dzat Allah anu maha suci, oge syukur ka dzat Allah anu maha ghofur, anu nikmat na teu tiasa diukur ku insinyur, ku direktur, ku tukang cukur, ku tukang bubur, ku tukang gali kubur anu engkena bakalan asup kana liang ku... bur. Nyatana dzat Allah azzawazala anu ngagaduhan sifat kasampurnaan jeng bersih tina sifat kakirangan.
Anu parantos maparin nikmat ka makhlukna anu patut ku urang di syukuran sanesna di kufuran. Sakumaha dawuh Allah dina Alquran (laingsyakartum laazidannakum walaingkafartum inna adzaa biil lasyadiid) dimana anjen sukuran kana nikmat ti kami mangka kami baris nambahan nikmat ka anjen tapi lamun anjen kufur kana nikmat ti kami saenya enya na siksa kami kacida nyerina.
Salawat sinareng salam mugia di curah limpah ka buah manas Siti Aminah, penguasa kota Madinah, anu janten pembuka panto syafaah. Nyatana habibana wanabiana wamaulana Muhammad saw. Oge heunte hilap kapara pulawargina ka para sohabatna oge ka urang salaku umatna, mudah-mudahan kenging syafatuludzma tina mantenna.
Pimpinan sakaligus sesepuh ieu masjid anu kusimabdi dipikahormat anu mudah mudahan aya dina rohmat, gusti anu maha suci.
Alhamdulillah kalayan izin Allah Swt di haflah anu barokah ieu urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara halalbihalal anu tiap taunna di ayaken dina kaping dua syawal.
Hadirin Rahimakumullah...
Kedah diuningaken ai pangaos teh hartosna harga, sok aya jalma di pasar nyebatken sabaraha ieu pangaosna?? Sabaraha ieu harganna jadi anu hadir dina ieu pangaosanteh jalma jalma anu aya hargaan. Leres teu bu??
Abdi bade naros ai ibu sareng bapa, ai ibu sareng bapa sumping  ka ieu pangaosan di piwarang atanapi teu dipiwarang, datang ka ieu pangaosan di paksa atanapi teu di paksa, datang ka ieu pangaosan di bayar atanapi teu di bayar? Bororaah di bayar cnh jang di suguhan cai ge heunte.
Tadi abdi ngadangu duka dadanguan, ges lebaran tapi ceramah masih make dalil puasa, ken we lah da hanet keneh puasana ge (nu puasa mah), asal tong dibawaken pas ker usum qurban we, da pas usum qurban mah temenang puasa malah haram puasa dina hari tasyrik mah.
Ibu bapak anu ku simabdi dipikahormat..
Bulan puasa teh nyaeta bulan pinuh rohmat sangkan rata-rata jalma ngadak barobah, anu asalna mencari alamat jadi penyampai amanat, anu asalna sok ngobat jadi bertaubat, anu asalna buukna di bereman dina bulan eta mah jadi ditiungan, anu asalna sok macana teh koran jadi sok maca quran (meskipun sakedap-sakedap), anu asalna solatna cong dur jadi dur cong (Adzan).
Bulan puasa sering di sebat ku bulan pendidikan bulan pelatihan bulan kesabaran. Salami sabulan pinuhna urang dididik supados tiasa sedekah ka fakir miskin lantaran sarua ngarasa lapar. Salami  sabulan pinuh na urang sadayana di latih supados getol ibadah ti berang dugi ka wengi, ti berang urang ngalaksanaken ibadah puasa teu hilap kana solat berjamaahna, wengina urang sadayana ngalaksanaken solat taraweh anu biasanamah ditereh tereh.
Bulan puasa sering di ibarat ken ku sasatoan anu puasa, anu ngarobah dirina jadi lewih hade ti saacanna. Saperti contoh hiled jeng oray. Hiled puasa dina kepongpong, teu dahar teu nginum supados bisa barobah janten kukupu anu endah. Nyakitu oge oray anu puasa sangkan kulitna bisa kaganti jadi sae deui.
Ibu bapak anu dimulyaken ku Allah..
Tapi kedah ditelaah deui tina dua sato tadi bahwa sanya ada perbedaan di antara puasa dua sato nu tadi. Nu kahiji tina puasa hiled, hiled nu asalna dipika ngewa ku manusa anu matak ngarugiken lantaran ngadaharan daun tina tatangkalan. Tepika lamun aya hiled di jero imah sok diusir. Tapi saatosna hiled puasa barobah jadi kukupu, anu tadina ngarusak tatangkalan ayeuna janten ngabantu ka tatangkalan khususna ngabantu kembang kana proses penyerbukan. Anu tadina diusir mun ayeunamah ema itu aya kukupu, gera beberes euneng bakalan aya tamu.
Anu kadua puasa oray, oray puasa supados kulitna jadi herang deui perahna jadi beki matih. Saatosna kulitna herang deui perahna beki matih si oray ngaburu beki liar kusabab ges puasa nahan lapar teu dahar-dahar.
Hadirin rahimakumullah..
Dina perumpamaan sato tadi aya persamianna jeng aya perbedaanna. Persamian tina sato nu puasa tadi nya eta sami-sami nyebabken kahadean kangge masing masing eta sato. Anu tadina hiled rupana pikageulehen saatosna puasa jadi kukupu anu endah. Kitu oge oray anu kulitn janten herang deui. Teras anu ngabedaken tina dua puasa sato anu neumbe nya eta kalakuan na anu barobah jeng anu teu barobah, lamun hiled anu asalna tukang ngarusak tatangkalan saatosna puasa jadi barobah heunte ngaruksak deui tapi kalah ngabantu kana proses penyerbukan. Tapi si oray anu asalna tukang ngabunuh sato lain saatos puasa jadi beki ganas ngabunuh sato lain.
Hadirin anu ku abdi dipikahormat..
Kedah di uningaken Saenyana jalma anu puasa bakalan kenging kasaean kana dirinna, nyaeta kasehatan jasmani. Sakumaha anu atos kabuktian ku dunia kesehatan yen puasa teh bisa ngajantenken tubuh urang sehat. Tapi singsaha jalma anu puasa can tangtu bisa ngarobah kana kalakuannana.
Apakah puasa kita di bulan romadhon kemarin menjadikan diri kita menjadi seseorang yang di katakan oleh al quran yaitu (laalakum tatakun) orang yang bertakwa atau malah sebaliknya. Tentu yang tau dan dapat menilai hanyalah diri anda sendiri.
Naon ai takwa teh pa?? Takut sama yang tua sanes, upami dijelasken tentang takwa waktosna moal cekap ken ke we taun payun meh di ondang deui.
Sakian anu tiasa ku simabdi di sampaiken, wabillahhitaufiq walhidayah wasalamualaikum Wr Wb.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Naskah Ceramah Ilmu

Nah..., kali ini ada naskah ceramah tentang Ilmu yang saya buat semoga bermanfaat Mencari  Ilmu Assalamualaikum wr.wb  BISMILLAAHIRROHMAANIRROHIIM. ALHAMDULILLAAHILLADZII JA'ALNAA MINAN NAASHIHIINA. WA-AFHAMANAA MIN'ULUUMIL'ULAMAA-IR ROOSIKHIINA, WASH SHOLAATU WAS SALAAMU 'ALAA MAN NASAKHO DIINUHU ADYAANAL KAFAROTI WATH THOOLIHIINA, WA-'ALAA AALIHI WA-ASH-HAABIHIL LADZIINA KAANUU BI TAMASSUKI SYARII'ATIHI SHOOLIHIINA." AMMAA BA'DU. Pada kesempatan yang berbahagia ini saya akan menyampaikan tentang MENUNTUT ILMU. Menuntut ilmu adalah wajib bagi setiap muslim. Allah SWT dan Nabi Muhammad SAW menyuruh umatnya untuk menuntut ilmu sebagaimana Rosul SAW bersabda Yang artinya : Menuntut Ilmu itu adalah kewajiban bagi setiap muslim dan muslimah Wahai sahabatku menuntut ilmu dalam ajaran agama Islam yakni dari kita masih sejak dalam buaian seorang ibu hingga masuk keliang lahad. Rosullullah saw bersabda Mencari ilmu adalah suatu kewajiban ya

Naskah Khutbah

jarang-jarang saya mempostingkan naskah Khutbah yang sering biasanya naskah ceramah. nah sekarang saya mau mempost naskah khutbah yang berjudul PESAN DARI WAKTU, semoga bermanfaat PESAN DARI WAKTU Khutbah I الحَمْدُ للهِ، اْلحَمْدُ للهِ الّذي هَدَانَا السُبُلَ السّلاَمِ، وَأَفْهَمَنَا بِشَرِيْعَةِ النَّبِيّ الكَريمِ، أَشْهَدُ أَنْ لَا اِلَهَ إِلَّا الله وَحْدَهُ لا شَرِيك لَه، ذُو اْلجَلالِ وَالإكْرام، وَأَشْهَدُ أَنّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسولُه، اللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبارِكْ عَلَى سَيِّدِنا مُحَمّدٍ وَعَلَى آلِه وَأصْحابِهِ وَالتَّابِعينَ بِإحْسانِ إلَى يَوْمِ الدِّين. أَمَّا بَعْدُ: فَيَايُّهَا الإِخْوَان، أوْصِيْكُمْ وَ نَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِي اْلقُرْآنِ اْلكَرِيمِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشّيْطَانِ الرَّجِيْم، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ: وَالْعَصْرِ (1) إِنَّ الْإِنْسَانَ لَفِي خُسْرٍ (2) إِلَّا الَّذِينَ آَمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ وَتَوَاصَوْا بِالْح